Contoh Pidato Bahasa Sunda – Halo sobat dosenpintar.com artikel ini akan membagikan kumpulan pembahasan mengenai Contoh Pidato Bahasa Sunda. Adapun beberapa tema Contoh Pidato Bahasa Sunda bisa sobat simak berikut ini.
Contoh Pidato Bahasa Sunda
Berikut dibawah ini merupakan kumpulan dari Contoh Pidato Bahasa Sunda, diantaranya.
Pidato Bahasa Sunda tentang Covid 19
Assalamualaikum Wr.Wb
Bapak Kepala Sekolah anu ku simkuring dipihormat,
Bapak Ibu Guru anu dipihormat,
Oge teu hilap ka rerencangan sadayana.
Bismillahirrahmanirrahim,
Puji sinareng syukur hayu urang sanggakeun ka Allah anu maha Agung. Kulantaran nikmat ti Mantenna, urang saya dina dinten ieu tiasa ngariung patepung lawung, patepang wajah dina acara mieling tepang umur Kamerdekaan Indonesia anu ka-77.
Sholawat sinareng salam mugia tetep dugi ka kanjeng Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina, ka para sahabat, tur dugi ka urang sadaya salaku umatna.
Hadirin anu dipihormat,
Dina raraga mieling Kamerdekaan RI anu ka-77 dina kaping 17 Agustus 2022, urang sadaya kudu tiasa syukuran ka Allah. Kumargi, Kamerdekaan bangsa Indonesia salain tina perjuangan para pahlawan, eta oge mangrupakeun hiji kanikmatan ti Allah SWT. Salah sahiji cara syukuran ka Allah dina momentum poe kamerdekaan ie nyaeta urang kudu bisa ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Allah.
Anu lainnya, supaya bangsa urang bisa jadi bangsa anu maju, anu gemah ripah atanapi anu tentrem makmur, nyaeta urang kudu bisa ngeusian ieu kamerdekaan ku kagiatan anu hade, anu bisa mere dampak kana kamajuan bangsa.
Urang sadaya salaku generasi penerus bangsa bisa ngamajukeun bangsa tina sagala bidang.Naha dina bidang ekonomina, bidang pendidikan, bidang teknologi atawa bidang-bidang anu sejenna.Misalnya dina bidang ekonomi, urang bisa ngembangkeun usaha anu bisa ngabantu sakaligus nyejahterkeun para karyawan atawa masyarakat.
Dina bidang pendidikan, urang bisa nuntut elmu anu luhur, terus eta elmu bisa dimanfaatkeun kanggo kamajuan bangsa.Sajabina ti eta, seueur keneh hal-hal anu tiasa ku urang dilakukeun dina raraga ngeusian kemerdekaan ieu.Kukituna ka rerencangan sadaya, hayu urang sami-sami babarengan ngeusian kamerdekaan ieu ku hal-hal anu manfaat.
Kumargi, ngeusian kamaderkaan teu cukup ku ukur ngucapkeun salamet dina facebook, instagram, WA, atawa nu lainna.Tapi urang kudu ngalakukeun aksi nyata anu bisa ngamajukeun bangsa. Naha di sakola, di masyarakat, atawa di lingkungan anu leuwih luas. Rupina mung sakitu pidato ti simkuring dina raraga mieling Kamerdekaan RI anu ka-77 ieu.
Sakitu anu tiasa kapihatur, hapunten saupami dina biantara ieu aya cariosan anu lepat sareng kirang merenah dina manah Bapak, ibu sareng rerencangan sadayana.
Wassalamualaikum Wr.Wb.
Pidato Bahasa Sunda tentang Menjaga Kebersihan
Assalamualaikum Warrahmatulohi Wabarakattuh
Langkung tipayun urang panjatkeun puji sareng syukur ka Allah SWT, Tuhan Nu Esa anu mana masihan hidayah sareng inayah-Na ka urang sadaya. Janten urang sadaya tiasa kempel di acara ieu, dina kaayaan sehat wal afiat alhamdulilah.
Para wargi sakalian anu dipikahormat kusimkuring,
Dina waktos ieu abdi bade nerangkeun tentang tema kebersihan, nyaeta kumaha pentingna ngajaga diri dina hidup sehat jeung manfaat ngajaga kasehatan. Nu mana urang sadaya teh kedah atau wajib ngajaga lingkungan sekitar urang, sareng awak nyalira yen urang sadaya tiasa ngajaga kasehatan tina sagala rupi panyakit nu aya.
Ku margi kitu urang sadaya ge kedah ningkatkeun carana pola hidup nu sehat kanggo kapayuna hirup urang sakalian di kawitan ti ayeuna. Siga anu pernah diterangkeun dina salah sahiji hadist, ‘ Inna dhofatu minal iman.’ Anu hartosna teh, kabersihan sabagen tina iman.’ Nu matak kudu dijaga ku urang-urang.
Sebagai urang muslim anu taat, anu gaduh kaimanan di jero hate urang tangtu urang teh kudu bersih sareng suci tina sagala kotor atau najis anu nyebabkeun urang jadi teu suci. Allah SWT mah resep kanu hamba anu merhatikeun jeung ngajaga kabersihan. Bersih eta teh kaasup kana raga urang, diri urang, sareng lingkungan di sakitar urang.
Tapi kabersihan eta teh rupina macem-macem, aya nu disebut bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani. Urang kedah jadi jalma anu kaasup bersih sadayana, sabab ngan bersih raga tapi hatena teu bersih mah nya percuma. Matak ti mulai ayeuna, hayu urang ngabersihan sagala rupina, sareng ningkatkeun pola hidup sehat kanggo urang sadayana.
Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, hatur nuhun.
Wassalamualaikum salam Wr. Wb.
Pidato Bahasa Sunda tentang Perpisahan
Assalamualaikum Wr. Wb.
Manga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka Allah SWT, nu di mana dina kasempatan ieu urang sadayan atos dipasihan kasempatan kempel sareng dina kaayaan sehat walafiat.
Hadirin sadaya anu dipikahormat ku simkuring, henteu karaos nya tos 6 taun geningan urang aya didie. Anu disebatkeun nuju menuntut ilmu. Ayena saleresna urang sadaya teh bakal papisah, ti sakola ieu. Mugia naon anu diajarkeun ku Bapak sareng Ibu guru teh, tiasa dimanfaatkeun ku urang sadaya kanu hal anu positif sareng aya manfaatna.
Mugia amal sareng ibadah Ibu sareng Bapak guru ano tos ikhlas ngajar urang sadaya sina pinter, kenging wewelasan ti Allah SWT.
Sakitu heula ti abdi anu tos ngawakilan rerencangan sadaya, kirang lebihna neda dihapunteun ku sadaya. Hatur nuhun.
Waalaikum salam Wr. Wb.
Pidato Bahasa Sunda Singkat tentang Agama
Assalamualaikum Wr. Wb.
Puji sareng syukur urang sanggakeun ka Allah SWT anu Maha Agung, dina dinten ieu teh urang sadaya tiasa ngariung sasarengan dina acara ieu.
Hadirin anu dipikahormat,
Berimana kana qada jeung qadar seueur manfaatna, di antarana tiasa nguatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Allah SWT. Selain ti eta bisa oge nyadarkeun urang yen sagala perkara atawa kajadian nu aya di bumi ieu teh, tos diatur ku Allah SWT. Matak ayana qada jeung qadar ieu teh bisa numbuhkeun kateguhan hate sareng kasabaran urang, salila urang hirup di dunia.
Masalah atawa rintangan naon wae anu aya di hirup urang teh, ngarupakeun katetepan ti Allah SWT. Jadi urang teh kudu tawakal, da sagala rupina ge tos aya izin ti Allah SWT. Urang sadaya moal tiasa ngahindar ti katetapan Allah SWT, deuk nu hade deuk nu goreng. Sadayana tos diatur ku Maha Kawasa.
Iman kana qada jeung qadar ieu oge bisa numbuhkeun kanikmatan ti Allah SWT, sareng ngadorong urang bersyukur ka Allah SWT salawasna.
Sakieu heula pidato ti abdi, upami aya cariosan anu merenah di hate abdi nyuhunkeun dihapunten.
Waalaikum salam Wr.Wb.
Pidato Bahasa Sunda tentang Kesehatan
Assalamualaikum Wr.Wb
Wilujeng enjing ka sadayana, urang panjatkeun puji sareng syukur ka Allah SWT nu atos masihan kasempatan sareng kasehatan. Nu mana urg tiasa patepang raray di acara ieu.
Ibu/Bapak guru anu dipikahormat sareng rerencangan anu dipikacinta, para wargi anu dipikahormat ku simkuring.
Dina waktos ieu abdi bade ngadugikeun pentingna urang ngajaga kasehatan kanggo hirup urang sadayana. Urang sadaya wajib ngajaga kasehatan sareng kabersihan lingkungan, teras urang teh kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten jeung cara anu sehat. Misalna meresihan awak pas urang keur ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, jeung sajabana. Tah eta teh conto cara hirup nu sehat.
Conto anu sanesna urang kedah miceun runtah di tempatna, teu kenging sembarangan, terus lamun nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin ge kudu nutupan bahan ambeh henteu nularkeun virus ka batur. Urang teh kedah mikacinta kanu kabersihan diri urang, sangkan hate urang ge suci jeung bersih.
Lamun urang hoyong janten jalmi anu jagjag waringkas, urang kedah soson-soson meresihan diri urang sorangan tina sagala kotor nu aya. Bade eta kotor jasmani atanapi kotor rohani, upami meresihan kokotor jasmani urang teh kedah mineng mandi, meresihan lingkungan, jeung sagala kokotor anu bisa nyebabkeun panyakit di diri urang.
Tuluy kumaha lamun bade meresihan kokotor rohani, carana nyaeta urang kudu ningkatkeun kaimanan urang jeung ibadah urang ka Gusti Allah. Ngan anu kudu diinget teh, sehat lain saukur bersih hungkul. Tapi urang kedah ngagerakeun jasmani urang nu matak ngajagjagkeun diri urang. Misalnya urang rajin olahraga.
Hadirin sadayana cekap sakitu pidato tentang kasehatan ieu, hatur nuhun kana perhatosanana.
Waalaikum salam Wr.Wb.
Pidato Bahasa Sunda tentang Kemerdekaan
Assaalamualaikum Wr.Wb
Sateuacana, hayu urang panjatkeu puji sareng syukur ka Gusti Allah SWT. Anu tos maparinkeun rahmat-Na ka urang sadaya, dugi urang tiasa kempel di acara dinten ieu.
Hadirin anu dipikahormat ku simkuring, Bapak Kapala Sakola, Bapak/Ibu guru anu dipikahormat, sareng rerencangan simkuring anu dipikacinta. Dinten ieu alhamdulilah urang tiasa kempel sareng patepang raray dina urutan meriahkeun hari kamerdekaan Indonesia.
Urang periyogi ka uninga, yen di zaman baheula the seueur pisan pangorbanan para pejuang dina ngabelaan kamerdekaan nagara Indonesia. Matak ku kituna, urang salaku warga nagara Indonesia generasi penerus bangsa, sareng kedah neruskeun perjuangan para pahlawan urang. Carana nyaeta diajar sing giat jeung ngawujudkeun cita-cita urang pikeun ngajadikeun kahirupan bangsa Indonesia.
Tepi sabenerna, seuer keneh hal-hal anu tiasa dilakukeun ku urang sadaya sebagei generasi muda dina rangka ngeusian kamerdekaan Indonesia. Contona ngajauhkeun diri urang tina pangaruh narkoba, jauhkeun diri urang tina pergaulan bebas, tawuran anu ngabahayakeun nyawa, jeung sajabana anu mawa pangaruh buruk jang diri urang.
Hayu urang sami-sami ngalakukeun hal positive atau aya mangpaatna jang diri urang, misalna nyieun prestasi di sakola, seueur maca buku nu berguna, diajar sing bener di sakola, jeung sajabana.
Rupina mung sakitu pidato ti simkuring, hapunten saupami dina biantara ieu aya cariosan anu salah atawa kirang merenah dina hate aranjeun.
Wassalamualaikum Wr.Wb.
Pidato Bahasa Sunda Mengenai Penggunaan Narkoba
Assalamualaikum Wr.Wb
Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji sinareng rasa syukur ka Allah SWT nu Maha Kawasa. Kulantarkan nikmat sareng hidayah-Na, urang tiasa patepang raray sareng kempel di dieu di acara ieu.
Ibu/Bapak guru anu dipikahormat ku simkuring, sareng rerencangan anu dipikacinta ku simkuring, dina kasempatan ieu kuring hoyong ngadugikeun biantara. Anu judulna “Penyalahgunaan Narkotika Di Kalangan Remaja”.
Dina dunia medis hartina narkotika the nyaeta obat bius atau obat penenang, anu dipasihkeun ka para pasien anu bade dioperasi. Narkotika ieu tah mangrupa zat adiktif anu ngabahayakeun pisan kana nyawa urang sadaya, lamun dipake teu bener. Misalna teu sesuai jeung resep atau anjuran ti dokter. Jaba narkotika teh bisa nyebabkeun kacanduan.
Lain eta wae, akibat penyalahgunaan narkotika atawa narkoba ieu the nyaeta bisa nyebabkeun karusakan saraf motorik urang dina otak. Anu leuwih parahna deui narkoba bisa nyebabkeun kageloan, jeung kematian. Nyawa urang teh bisa ngalayang mun urang konsumsi narkoba sangeunahna.
Ari barudak ngora di zaman ayeuna, marake narkoba teh jang naon? Biasana mah jang gagayaan hungkul, bari jeung maraneh na teh teu apal yen narkoba teh bisa ngabahayakeun nyawa urang. Atawa ngan saukur mimiluan batur, ambeh katingalina keren. Padahal mah keren timana, mun ujung-ujungna urang ngan maot gara-gara narkoba.
Jaba lamun urang make narkoba sareng ngedarkeun the bakal ditahan ku polisi tuluy dipenjara. Apanan narkoba teh pemakeanna tos diatur di undang-undang. Jadi nu marake narkoba teh, hubunganna tos jeung hukum. Nu matak tong haying make narkoba, atawa zat adiktif lainna nu matak ngarusak kahirupan urang ayeuna atawa anu bakal datang.
Mening ayeuna mah urang ngajaga diri tina barang haram nyaeta narkoba, jeung focus ka hirup nu baleg. Meungpeung hirup urang ngora keneh, anu insha Allah panjang keneh hayu urang eusi kahirupan ku hal-hal anu positif. Mugi-mugi ieu biantara teh aya mangpaatna kanggo sadayana.
Sakitu heula anu tiasa kuring dugikeun tentang bahaya make narkotika atau narkoba. Hapunten pisan bilih aya kalepatan cariosan, hatur nuhun perhatosanana.
Wassalamualaikum. Wr. Wb.
Pidato Bahasa Sunda tentang Maulid Nabi
Assalamualaikum Wr. Wb.
Hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka hadirat Allah SWT, yen dinten ieu urang tiasa patepang raray deui di acara anu suci ieu. Shalat sareng salam urang haturkeun ka junjungan urang, Kanjeng Nabi Muhammad SAW. Kulantaran Anjeuna, urang janten tiasa ngabedakeun sagala perkara di hirup urang mana anu haq jeung mana anu bathil.
Hadirin sadaya anu dimuliakeun ku Allah SWT, unggal jalmi teh tos tangtu gaduh harapan bahwa urang teh hoyong kabagjaan di dunia jeung di akhirat. Kabagjaan eta teh moal tiasa dilakonan ku cara sakadaek urang pribadi. Atawa aya hura-hura sareng sagala hal anu dilarang ku agama urang nyaeta agama Islam.
Tapi urang teh sebagei jalmi atau hamba Allah, kedah ngalakukeun sagala kahadean di hirup kaasup ibadah anu diperintahkeun ku Allah SWT saperti anu ditulis di Al quran jeung hadist. Tapi urang ge kudu terang, yen ngalakukeun ibadah kudu dimimitian ku hate anu ikhlas. Artina ngalakukeun sagala ibadah eta teh, lain karna hoyong ditempo ku batur komo deui karna hoyong dipuji hungkul.
Sababna mun urang ibadah ngan saukur haying ditempo ku batur hungkul mah, kalahkah urangna nu cape beribadah. Padahal ibadah nu sabenerna teh kedah dilakukeun sing ikhlas jeung pasrah. Kanjeng Nabi Muhammad, pernah nyebutkeun yen ciri-ciri jelema nu riya dina ibadah ada sababaraha macem. Sapertos :
- Sanajan sifatna males ngalakukeun ibadah misalna solat, jelema eta teh bakal ngadadak rajin pas aya batur nu ningali manehma ngalakukeun solat.
- Ibadahna teh getol ngan disebabkeun ku haying dipuji ku batur hungkul, tapi mun ditegor ku batur kalahkah pundung.
Tapi mudah-mudahan urang sadaya moal nepi ka kitu, moal ngalakukeun ibadah ngan saukur riya hungkul. Tapi emang tulus sareng ikhlas ngalakukeun karena Allah.
Mung sakitu heula biantara di acara Maulid Nabi ieu nu tiasa simkuring dugikeun ka sadayanan. Mugi-mugi eusina seueur mangpaatna, kanggo urang sadaya. Hapunten bilih seueur keneh kakiranganna. Mudah-mudahan doa urang ayeuna diijabah jeung diberkahi ku Allah SWT. Amin Ya Rabbal alamin.
Wassalamualaikum Wr. Wb
Pidato Bahasa Sunda tentang Pernikahan
Assalamualaikum wr, wb..
Puji anu jadi pangais ati, Puja anu jadi panghias rasa, Puji urang sungkeun ka Gusti nu maha suci nyaéta Alloh Robbul Izzati, puja urang sanggakeun kanu maha kawasa nyaéta Alloh Azza Wazalla, anu mana nitih wanci anu mustari ninggang dina mangsa anu lugina.
Taqdir teu tiasa dipungkir, Qadar teu tiasa di singular urang sadayana dina dinten ayeuna tiasa riung mungpulung patepung lawung paamprok jenghok, pateupang raray dina haflah mubarokah nu mudah-mudahan tina ieu riungan sing di janteunkeun ku Alloh, sing dicatetkeun dina hiji kasaéan engkin di yaumal Qiyamah. Amiin ya Alloh ya robbal ‘Alamin..
Teu hilap solawat sinareng salam ogé mugia sing dikocorkeun, dikucurkeun, di kécérkeun ka jungjunan urang sadayana anu pang nyongcolangna sa-alam dunya nyaéta Nabiyana Muhammad SAW. katut ka kulawargina, sohabatna tabi’in sareng tabi’atna tur dugi ka urang sadayana anu hadir dina ieu tempat mugi-mugi kenging syafa’atna engkin di yaumal Qiyamah. Amiin ya Alloh ya robbal ‘Alamin..
Para hadirin nu di Rahmatan ku Allah SWT..
Sateuacan simkuring ngabahas masalah anu aya patula-patali, pakuat-pakait dugika pajeujeutna jeng masalah nikah, mangga urang leuyeupan heula dauhan Alloh dina al-Qur’an anu unggelna :
وخلقنكم ازواجا
(Jeung geus nyiptakeun kami ka maranéh kabéh barina sa jodo-sajodo)
Tegésna mah aya langit aya bumi, aya beurang aya peuting, aya caang aya poék, aya jangkung aya pendék, aya mancung aya pésék, nya kitu deui aya lalaki aya awéwé. Intina mah Alloh nyiptakeun ka mahlukna téh pasang-pasangan, dua-duaan.
Malah mah lamun urang tela’ah, organ tubuh urang ogé namina téh dua-duaan. Anu pang handapna namina ku…ku.. naék kaluhur namina ping…ping, tatanggana ping-ping namina tit…tit naék deui ka luhur namina da…da…, tatanggana da-da namina su..su… luhureuna namina tak…tak… naék deui ka luhur namina pi…pi… tah ieu nu terahir (bari nunjuk kana tarang) namina nong…nong.. jadi atu tétéla pisan yén Alloh nyiptakeun makhlukna téh sajodo-sajodo, pasang-pasangan, dua-dua, dugi ka nami-namina.
Hadirin rohimakumulloh…!
Lamun urang ngabahas nikah minimalna bakal aya opat patarosan, nyaéta:
- Naon ngaran nikah..?
2. Saha anu kudu nikah..?
3. Kasaha kudu nikah..?
4. Naon baé langkah-langkah saba’da nikah…?
Maka dina ieu pangaosan, ku simkuring dibagi jadi opat babak nu henteu bersambung..
Babak nu ka hiji : Naon ari ngaran nikah? jawab : Anu ngarana nikah téh mun ceuk bahasa santri mah ta’rif nikah mun ceuk nu sakola mah definisi nikah ieu di bagi dua :
- Sacara Ethimologi (lughowi)
2. Sacara Terminologi (istilah)
Para hadirin sadayana.. Nikah sacara Lughowi tos ka uninga ku sadayana dina kitab-kitab fiqih nyaéta :
الاجتماع
(Kadar-kadar kumpul)
Ngaran nikah sacara istilah nyaéta : (فتح المعين : جلد ٣) Tapi saur pamuda mah nikah téh singkatan tina Nun (Ni’mat) Kaf (Karasa) Ha (Haneut). Jadi nikah téh singkatan tina ni’mat karasa haneut.
Tapi saur sepuhmah : Nun (Ni’mat)… kitu ogé ceunah… ceuk bapana budak. Da anu sing jarentul di dieu ogé hasilna tina nikmatna nikah, da niat mah lain nyieun anak tapi nyieun énak. Lereus teu?!”
Sakumaha ceuk Qo’idah :
نعمة الدنياثلاثة فلتعتبر * لمس وقبلة وادخال الذّكر
(Nikmat dunya sadayana aya tilu nyaéta, nyabak nyieun ngasupkeun anu ngabeuntelu “)
Tapi éta nikmat nikah téh ngan dua rebo, kadituna mah dedeieun. Saba’da ni’mat timbul nu kadua nyaéta Kaf (Karohah) hartosna pikangewaeun, pikasebeleun da ningali pamajikan reuseup sotéh keur pangantén anyar, ningali pamajikan téh jiga Shopia Laurent, jiga Lidia Kandau, jiga Krisdayanti.
Tapi lamun geus bereset budak tilu beulas mah, komo lamun ker gendut, ningali pamajikan jiga buntelan, keur pangantén anyar mah ningali pamajikan téh di teuteup ti hareup sieup, disawang titukang kenjang ditilik ti gigir leunggik, tapi geus bereset budak tilu belas mah béda deui bahasana.
Di teuteup ti hareup jiga keyeup, disawang ti tukang jiga hurang, ditilik ti gigir jiga langgir di ukur ti luhur jiga undur-undur, diragap tihandap jiga hap-hap, tah ieu anu disebut Karohah téh tegesna pikangewaeun.
Salajeungna timbul nu katilu nyaéta: (Ha) ieu mah aya dua alternatif. Lamun nyanghareupan Karohah lulus, maka (Ha) na téh hasanah teugeusna kaluarga anu Mawadah Warohmah tur Sakinah (keluarga anu didasaran ku cinta jeng kasih sayang).
Tapi lamun nyanghareupan Karophah hanteu lulus, mangka Ha-na téh Hazanah (kaluarga nu awét rajét) anu didasaran kurasa egois jeung emosi. Mudah-mudahan ieu pangantén sing kalebeut keluwarga anu Mawadah Warohmah. Amiiin…!
Para hadirin, nu simkuring dipikahormat.. Babak anu kadua, nyaéta saha anu kudu nikah téh? Waléranana pidawuh rosul :
“wahai para pemuda …sing saha jalma anu geus sanggup di antara anjeun kabéh kana méré nafkah (dzohir batin) mangka pék geura nikah”
Dina ieu hadist, rosul masihan terang ka para pemuda, anu geus asup masa puber. Mun ceuk bahasa indiana mah beuger, éta mah rek si fery, si frengki, si jacky, kecuali aki-aki, anu geus sanggup nganafkahan dzohir jeng batin tegesna mah geus bisa maraban biwir luhur jeung handap mangka pék geura narikah.
Atuh pemuda anu ngan saukur boga buuk gondrong nu gawéna ukur nongkrong, bujal bodong nu hobi nampang tapi jajan ngahutang, éta mah teu acan ka leubeut hadist rosul anu bieu nya…?!
Babak katilu nyaéta: Ka saha kudu nikah téh? Walérannana nyaéta pidawuh Allah dina Al-Qur’an.
فانكحوا ماطاب اكم
(Mangka kudu narikah maranéh kabéh ka nu di pikacinta ku maranéh kabéh)
Dina ieu ayat, Alloh maréntah nikah téh kanu di pikacinta lain kanu geulis, lamun Alloh maréntah nikah kanu geulis, maka awéwé anu peunteun 3 satengah keur saha? jeung lamun Alloh maréntah nikah kudu kanu kasép simkuring saha layanna?
Tapi kudu ku urang terang, anu di maksud kanu geulis didieu téh lain geulis ceuk si Mamat, anu di ukur ku syahwat, tapi geulis mungguh agamana nyaéta anu dan.. din.. dun.. (pinteur dan-dan) din (alus agamana) dun (alus dunyana).
Jadi lain anu anu dat.. dit.. dut.. (goréng adat) dit (pedit) dut (siga badut samutut bari jeung hitut) ngan éta anu dan.. din.. dun.. téh langka pisan di jaman kiwari mah, tapi euweuh-euweuh teing mah teu kudu hésé, nu penting mah bageur, pinter, beunghar, keun baé geulis ogé!
Babak anu ka opat nyaéta: Naon baé langkah-langkah saba’da nikah? waléran nana dawuaha Alloh dina Al-Qur’an :
وعا سروهنّ بامعروف
(Perlakukeun istri-istri maranéh kabéh kalawan hadé)
Tegesna mah salaki kudu bisa memperlakukeun istrina kalawan alus, atuh salaki téh kudu apal kana hak jeung kawajiban nana, anu mana kawajibanna téh ngan aya opat :
- Ngimahan sing pageuh
2. Makéan anu weuteuh
3. Maraban sing nepi ka seubeuh
4. Ngéndongan sing nepika reuneuh
Nya kitu deui, Istri sing apal kana hak jeung kawajibanna. Anu mana kawajibanana téh sami aya opat diantarana nyaéta masak, diwedak, nangkarak, ngadengkak.
Tah insya Alloh, upami duanana tiasa ngalaksanakeun kana tugas jeung kawajibana, bakal ka wujud kaluarga anu Mawadah Warohmah tur Sakinah nyaéta kaluarga anu bahagia, kaluarga anu didasaran ku cinta sareng kasih sayang.
Cindekna mah ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak, ka cai daraek ngaji, ka darat daraek sholat. Se-ia se-kata, se-iring sejalan, runtut raut sauyunan dugika paketrok iteuk, malahmah dugi ka poé Qiyamah.
Para hadirin sakantenan…
Supaya ieu dua mempelai téh tetep renggenek dina sakinah Mawadah Warohmah, sim kuring pesen :
- Sing yakin, ieu jodo téh taqdir Alloh SWT, ti anyar pinanggih ti barang saratus dua puluh dinten, anjeun aya dina patuangan ibu ku Alloh parantos di pastikeun yén jodo jang.. (ngaran pangantén lalaki) bakal nikah ka neng… (Ngaran pangantén awéwé) Sing yakin dina haté supaya urang bisa tumarima kana kapastian Alloh.
- Kudu husnudzon (hadé sangka ka Alloh), malah mah ku jodo nu ieu, urang bakal pinanggih jeung kabagjaan hirup, ku jodo anu ieu urang bakal nyieun wasilah pikeun ngahontal Mardlotillah.
- Ieu aqad tikah téh sing jadi pertikahan anu pertama jeung anu terakhir, tegesna panungtungan mangsa bobogohan, ti kawit ayeuna anjeun dua’an lebet kana alam rimbitan, alam rumah tangga anu dibengkeut ku SSTB (Surat Tanda Tamat Bobogohan) sa ba’da nikah mah kudu bogoh enya’an.
- Ku aqad tikah, indung bapa urang jadi nambahan nyaéta mitoha, dulur, lanceuk, adi, jeung anu liana.
- Ku aqad tikah ogé ngajadikeun sarana pikeun ibadah ka Alloh, ngabakti ka Alloh Ta’ala.
Para hadirin sakantenan, nu ku simkuring pihormat..
Rupina cekap sakitu baé cariosan ti simkuring, kirang langkungna mah nyuhukeun dihapunteun, bobot sapanon carang sa pakan sasieureun sabeunyeuren.
Mugi-mugi dina khutbah basa sunda ieu aya mangpaatna ka urang sadaya, anu terakhir ieu pangantén urang du’a keun ku sadayana supaya “Sakinah Mawaddah Wa Rahmah”. Amin..!
Wassalamualaikum wr, wb.
Pidato Bahasa Sunda tentang Acara Ulang Tahun
” Bismillahirrahmanirrahim…
Assalamualaikum Wr. Wb.. ”
” Wilujeung enjing,
Salam Sajahtera kanggo urang sadaya.. ”
Kalawan ngedalkeun sukur, alhamdulillah.. Sami-sami hayu urang ucapkeun syukur kaasih ka Pangeran Anu Maha Kawasa, margi kalawan rahmat-Na urang sadaya tiasa patepang ditempat ieu, dina kaayaan sehat wal’afiat.
Luhur wasta Kulawargi .. (Nama keluarga), simkuring ucapkeun hatur nuhun pisan ka saderek, rerencangan, sadaya anu atos cios ikhlas nyempatkeun datang kana acara patepang taun.. (Nama anak), anu ku simkuring pikanyaah.
Mugi-mugi saniskanten hiji hal anu atos urang usahakan ieu, meunang Pangestu sarta Pahala ti Allah Swt.
Hatur nuhun.. Mugi-mugi acara patepang taun ieu, tiasa lancar sarta masihan mangpaat kanggo urang sadayana, utamana kanggo rerencangan urang sadaya.. (Nama anak). Ku kituna mugi-mugi panjang umur, nambah dewasa, sarta seueur rizkinya, amin.
Sakitu wae ti simkuring, nu kirang langkung menta hapunteun bilih aya kalepatan sarta kakirarangan nana, simkuring neda sihapunten ka para wargi sadaya dina mandu acara patepang taun ieu. Mudah-mudahan Allah SWT masihan kaberkahan kana sadaya permaksadan ieu. Amin ya robbal alamin.
Wassalamu’alakum Wr Wb..
Sekian pembahasan tentang Contoh Pidato Bahasa Sunda. Dengan berbagai contoh diatas semoga dapat memermudah dan dapat dipahami.
Baca Juga :